Hajat Cai Ngaruat Lembur
Rabu, 17 Juni 2015
Sejarah
RIWAYAT SINGKET/SAJARAH
HAJAT CAI NGARUAT LEMBUR
Kampung Parakan salam jalan Anda Sutisna
RW 08
Desa Nyalindung Kecamatan Cipatat
Kabupaten Bandung Barat
A. Riwayat/Sajarah.
Puji sinareng syukur urang sanggakeun ka zdat
gusti alloh nu maha suci, rehna dina ieu tetekon wanci nu mustari, seja medar riwayat / sajarah upacara ritual budaya masarakat kampung
parakan salam desa nyalindung dina
laraga “ hajat cai ngaruat lembur.” anu dipieling dina raraga milangkala
tepung taun ping 21 juni.
Diawitan ku
tarekah dinas kabudayaan sareng pariwisata kabupaten bandung barat, ngalangkungan
widang kebudayaan, parantos ngayakeun revitalisasi seni, adat sareng budaya,
parantos ngangkat miwah ngahirupkeun
deui kabiasan tradisi masarakat mangrupi upacara adat ritual budaya hajat cai ngaruat
lembur. Tumut kana narasumber abah amat, yen pang ahirna aya hajat cai ngaruat lembur dina
taun 1950. kabiasaan upacara ieu diayakeun,
nyoko kana sumber cai anu dikaramatkeun ku masarakat kampung parakan
salam.
ku ayana
ide sareng gagasan masarakat kalayan di jeujeuran ku abah amat salaku pamangku
adat sareng bapa ujang sutisna salaku tokoh masarakat, alhamdulillah ieu upacara
ritual budaya tiasa pinton dihirupkeun deui dina taun 2011. hakekat tradisi budaya ieu nyandak kana nilai-nilai
panghormatan sareng panghargaan ka para tokoh anu dikaramatkeun di kampung parakan salam
sapertos mbah daha, eyang entang, ibu
entang, ibu ayu asih, uyut idris, ambu
ucu, eyang arsan, ema memeh, aki amir, aki sukri, aki
edeng, aki indi, aki anda sutisna, aki
basari sareng para sesepuh nu sanesna. kujasana anjeuna tempat benda budaya
masarakat mangrupi sumber cai atanapi pancuran
tiasa disalametkeun kalayan dipiara janten sumber cai karamat di kampung
parakan salam, nu aya dilamping walungan cikubang nyaeta :
kahiji :
cikahuripan,
kadua :
ciasihan,
katilu :
cikarahayuan,
kaopat :
cikalanggengan,
kalima :
cikamulyaan,
kagenap :
cikadugalan
katujuh :
cikawangian.
Tuhu kana riwayat sajarah tradisi budaya karuhuan ieu, alhamdulillah tiasa nyandak kaberkahan nyaeta nanjeurna
karahayuan masyarakat mangrupi cageur,
bageur, waras, rahayu, waluya, khususna
pikeun masarakat kampung parakan salam, umumna Desa Nyalindung, utamina dina
ngaheuyeuk ieu lembur ku sifat silih
asih, silih asuh, silih heman sangkan kaluhur sirungan kahandap akaran ngawujud
karya nu bleg tambleg sabeulegedeg.
B. Ritual Adat Budaya.
Salajengna supados kauninga,
reh upacara hajat cai ngaruat lembur anu tos dilaksanakeun dikampung
parakansalam diantawisna :
1. Hajat cai ngaruat lembur anu kahiji, kaping 20 juni 2011
di pupuhuan ku abah amat salaku sesepuh adat. ngadegkeun amanat karuhun
parakansalam dina judul ” napak dawuh karuhun, ngadegna hirup-hurip
talari parantina baheula”.
2. Hajat cai ngaruat lembur anu kadua, kaping 27 mei
2012 di pupuhuan ku abah amat tokoh adat
sareng ku bapa ujang sutisna anjeuna salaku ketua rw 08 ketua lingkung seni
garuda naga (garna). nyandak judul “ putu
sewu ngahirupkeun karya karuhun sangkan anak incu hurip waras di lembur parakan
salam.”
3. Hajat cai ngaruat lembur anu katilu, kaping 6 juni
2013 di pupuhuan ku abah karyama anjeuna salaku ketua lingkung seni
mandura harja nyandak judul “ banyu karamat
nyipuh anak incu parakan salam ku tempur cai”
4. Hajat cai ngaruat lembur anu kaopat, kaping 15 juni
2014 di pupuhuan ku bapa karyana
anjeuna salaku ketua padepokan tapak sakti janggawareng. nyandak judul “ putu sewu sugih mukti
cukang lantaran napakeun ajaran karuhunna.”
5. Hajat cai ngaruat lembur anu kalima, kaping 14 juni
2015 di pupuhuan ku padepokan tapak
sakti janggawareng, nyandak judul “. mulangkeun panineungan arulina bebenyit dina mangsa
lampah alam katukang”. mangrupi pintonan
lomba kaulinan barudak tingkat desa nyalindung.
Sakantenan dina hajat cai ngaruat
lembur anu kalima. Ditembrakeunan wanci katetepan mangrupi hiji
katangtosan, wireh tumut kana amanat abah
amat salaku sesepuh adat/kampung,
kalayan dirojong hasil sawala sareng tokoh masyarakat. ayeuna kami diputuskeun rehna “ kaping 21 juni mangrupi. poe mielingna hajat
cai ngaruat lembur kampung parakansalam. “kalayan nyandak dasar kana
hiji tulisan wangsit karuhun parakan salam nyaeta
janggawareng ayah katmah atanapi mama idris
nu diserat dina prasasti,
titimangsa, ahad kaliwon, 27 jumadil
ahir 1430, hidjriyah, minggon, ping 21 juni 2009. anu unina ; wengkuh cindek andalemi anak incu bubuara
pancen amanat ti gusti alloh wedalan
teureuh nyalindung gelarna kamus alam
nyangking garba, rasa, tahta hirup-hurip dunya ahiroh. anu hartosna; parantos waktuna saeutik-saeutik anak incu ngolah
daerah nyepeng amanat ti gusti alloh, nu
asalna turunan nyalindung, bisa popolah nerjemahkeun alam ku kasucian wujud, rasa jeung kadudukanna bisa mawa kahirupan nu
hurip di dunya jeung aherat)
Parantos kauningan kusadayana masarakat Desa Nyalindung,
ku tarekah dinas kebudayaan dan pariwisata Kabupaten Bandung Barat dina
bimbingan teknis kebudayaan kabupaten-kota Sa-Jawa Barat, kaping tanggal 25 maret
2015 nu diayakeun ku dinas pariwisata dan kebudayan provinsi
jawa barat, parantos ditetepkeun rehna “ ritual budaya hajat cai ngaruat lembur di
kampung parakan salam parantos dicatet
ku kementerian pendidikan dan kebudayaan republik indonesia, kalebet kana
bentuk warisan budaya tak benda.
C. Panutup.
Ku ayana
kaputusan tadi, ieu mangrupi hiji
kabingahan pikeun masyarakat desa nyalindung,
margi bapa kapala desa, maparin putusan di Surat Keputusan Kepala Desa
Nyalindung Kecamatan Cipatat Kabupaten Bandung Barat tiasa netepkeun ritual budaya poe hajat cai ngaruat
lembur, kaping 21 juni, sareng ieu ritual budaya tiasa janten icon atanapi ciri khasnya Desa Nyalindung. Sakitu riwayat anu
kapihatur, rampung dawuh tutas
pangandika, wabilahit taufik wal hidayah;
wasalamu a’laikum warohmatulohiwabarokatuh.
(wassalam Hernandi Tismara).
Langganan:
Postingan (Atom)